Bahasa Pendidikan

17 Contoh Sajak Sunda tentang Alam, Cinta, Ilmu, Ibu, dan Lainnya yang Menarik

5 menit

Sejumlah contoh sajak Sunda berikut ini memiliki ragam arti yang menarik, mulai dari tema kehidupan, alam, hingga lainnya. Kalau kamu tertarik membuatnya, simak beberapa contoh yang bisa dijadikan inspirasi.

Salah satu puisi atau sajak daerah yang cukup populer di Indonesia adalah sajak Sunda.

Sajak Sunda memiliki tempat khusus dan istimewa di mata masyarakat Sunda itu sendiri.

Menurut Ajip Rosidi dalam buku Sajak Sunda, sosok pertama yang kabarnya menulis sajak Sunda adalah Kis. Ws..

Kis. Ws. atau Kiswa Wiriasasmita, menjadi orang pertama yang menulis sajak Sunda antara tahun 1946 dan 1950-an.

Seiring waktu, muncul berbagai penyair lain yang juga turut menulis sajak Sunda dan diterbitkan di sejumlah surat kabar.

Beberapa nama sastrawan atau penyair tersebut antara lain M.A Salmun, Wahyu Wibisana, Ajip Rosidi, Acep Zamzam Noor, hingga Godi Suwarna.

Lantas, apa itu sajak Sunda? Berikut penjelasan dan contohnya, Property People.

Apa Itu Sajak Sunda?

contoh sajak sunda

Sumber: tribunnews.com

Sajak Sunda adalah karya sastra berupa puisi yang tidak terikat oleh aturan-aturan, seperti jumlah baris, kata-kata, dan irama sehingga biasa disebut juga sebagai sajak bebas atau sanjak.

Menurut Ajip Rosidi, sajak Sunda adalah puisi berbahasa Sunda yang mulai dipergunakan pada masa sesudah Perang Dunia II, tepatnya pada paruh pertama tahun 1950-an.

Pada awalnya, puisi Sunda berbentuk puisi tertentu atau tradisional (dangding, sisindiran, dan wawangsalan), kemudian berkembang menjadi sajak modern yang lebih bebas.

Pasca-Perang Dunia II, menurut buku Puisi Indonesia Modern oleh Ajip Rosidi, ada beberapa penyair Sunda yang menulis beberapa sajak dalam bentuk pupuh, yaitu Sanusi Pane, Ramadhan K.H, hingga Surrachman.

Meskipun penyusunan kata-kata dalam sajak Sunda sering kali tak sesuai aturan, di dalamnya terkandung sebuah arti tersembunyi yang menjadi inti dari sajak tersebut.

Adapun jenis-jenis sajak Sunda adalah sajak epik, lirik, sajak yang bercerita, dan lain sebagainya.

Salah satu contoh jenis sajak epik adalah Jante Arkidam karya Ajip Rosidi, yang memiliki cerita awal, akhir, dan tokoh di dalamnya.

Nah, ingin melihat berbagai contoh puisi sunda lainnya?

Melansir buku Sajak Sunda oleh Ajip Rosidi dan sumber lain, berikut contoh sajak Sunda tentang alam, guru, ibu, pahlawan, cinta, serta tema lain yang menarik.

17 Contoh Sajak Sunda

1. Contoh Sajak Bahasa Sunda

Hirup

Ka hareup ngarah sajeujeuh
ka tukang ngarah saléngkah
ka hareup lajurkeun tineung
ka tukang ngawawaasna.

Hirup nunggu-nunggu umur
gumelar megat sakarat
bilang ladang kumelendang
ulah mulang ngalongkéwang

Karya: Kadir Tisna Sudjana

2. Contoh Sajak Sunda tentang Alam

sajak sunda

Tanah Sunda

Héjo pagunungan
Paul lautan
Héjo
Paul
Langit na haté kuring

Masing di mana kuring nangtung
Masing ka mana kuring leumpang
Tanah lémbok tempat bumetah
Angin nyéot nyiuman tarang

Masing di mana anjeun nunjuk
Masing iraha anjeun cumeluk
Kuring mo mungpang kuring rék datang
Neueulkeun tarang neueulkeun jantung

Kuring tungtung teuteupan
Kuring tungtung
Teuteupan
Tungtung bedil
Ngincer dada

Kuring geus nyaksian getih ngabayabah
Getih maranéhanana nu mikacinta anjeun
Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah
Jasad nu ruksak ngalungsar na dada anjeun

Héjo pagunungan paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Héjo pagunungan paul lautan
Taya katengtreman ngan ancaman

Ngan lantaran kuring cinta
Ngan lantaran kuring tresna
Langit hibar lembur musnah
Jalan lecek ngabalungbung ka kota

Kembang beureum buah biru
Kembang wéra kembang jayanti
Tanah tempat kuring sideku
Ngurugan mun kuring tepi ka pati

Karya: Ajip Rosidi

3. Contoh Sajak Sunda tentang Guru

Puisi untuk Guru, Nu Aya di Haté Abdi

Guru..
Anjeun pahlawan abdi
Anu ngajaran abdi ku pinuh rasa bungah
Kudu maké naon abdi ngabalesna?

Guru..
Anjeun teu pernah leuseuh, nyerah ngabimbing abdi
Anjeun kawas pahlawan anu terus nya’angan jalan abdi
Anjeun ajarkeun sadaya elmu pikeun ngahontal cita-cita abdi

Guru..
Sanajan urang moal papangih deui..
Nanging anjeun terus aya di haté abdi..
Abdi bakal terus inget kana naséhat anjeun..

Karya: Kustian

4. Contoh Sajak Sunda tentang Ibu

Pamanggih

Salapan bulan ngakandung
Moal aya hiji jalma
leuwih ti indung micinta
indung gudang hampura.

Salapan bulan dikandung
Moal aya hiji jalma
leuwih ti anak nu rumasa
anak gudang dosa.

Salapan bulan ngakandung
pinuh rasa jeung rumasa.

Salapan bulan dikandung
pinuh dosa jeung rumasa.

Karya: Ayatrohaédi

5. Contoh Sajak Sunda Pendek

Cinta

Sasiki béntang napel ‘na pipi hiji mojang
tapi di langit, weléh asa eweuh nu leungit

Karya: Iyas Hériyana

6. Contoh Sajak Sunda Epik

contoh sajak sunda

Jante Arkidam

Panonna beureum siki saga
leungeunna seukeut lalancip gobang
niplasan badan palapah gedang
Arkidam, Jante Arkidam

Di pangaduan di kalangan ronggeng
ngan hiji jagoan
Arkidam, Jante Arkidam

Ti peuting angkeub ku mendung
Jante raja alam petang
matek aji panarawangan
manjing ka liang sasoroting sinar
jariji beusi pakgade milang ku Ramona

Ngagisik hayang sidik
Jante mencrong mantri pulisi:
“Ki Mantri, tindakan andika lelewa bikang
ngabokong jalma keur tibra”



Arkidam ditalikung leungeun dua
sorot matana ngentab seuneuan

Samemeh beak poe kahiji
Jante minggat nitih cahya
kaluar ti panjara

Samemeh cunduk peuting kahiji
mantri pulisi nyungseb di dasar walungan
teu nyawaan

Karya: Ajip Rosidi

7. Contoh Sajak Sunda tentang Pahlawan

Pahlawan

Hirup nu pinuh ku perjuangan
Persenjataan nu éléh teu di jadikeun alesan
Perang ngalawan panjajahan
Bajuang kanggo kamerdékaan

Prajurit nu mulih ka asalna
Tong dianggap geus palastra
Perang’na jalan nu di pirido Allah Ta’ala
Janten mangpaat kanggo nagara jeung bangsana

Urang sok poho kana jasana
Nu geus ngorbankeun kahirupanna
Kanyeri nu geus teu di rasa
Sakabéhna kanggo nagara Indonésia

Karya: Fahri Setiono

8. Contoh Sajak Sunda tentang Cinta

Cinta
    keur L

Maseuhan cinta ku cimata, enung
tong salempang
najan hirup teu weléh padungdung
kacapi mo’ matak sumbang
da kawatna ranteng ti haté ka haté
ngajentring matak tingtrim

tong hariwang
najan cinta teu weléh beueus ku cimata
ajan kacapi ngjetréng dina laras madenda
satungtung boga kénéh langit jeung béntang kahayang.

Karya: Wahyu Goemilar

9. Sajak Sunda Sedih

Langit Ceudeum

Karya Sayudi

Langit ceudeum
haté hieum

Hiliwir angin berewit
angin tuhur nutup kujur
mawa carita naraka
bubuara nyesek dada

Hiji-hiji jaruji jandéla muka
jalan kunang-kunang
ngaplak dataran tarahal
digurat kudrat tangara durma

Langit ceudeum
haté hieum
saha nu tandang meunang
saha nu tungkul remuk

Kota S., 10-1-57

10. Contoh Sajak Sunda 4 Bait

sajak sunda

Tangtungan

Karya Kis. Ws.

bulan ngambang ‘na balungbang
ngempray lir raray marahmay
haté geugeut patémbongan

tanggah ka langit
geuning aya bulan imut
kareueut matak kapincut

tungkul: ngempur
tanggah: ngempray

mending mana mending mendi
nu asli yakin ngan hiji

Taman Apsari, 24 Désember ’73

11. Sajak Sunda tentang Ilmu

Élmu Pengetahuan

Élmu pengetahuan, nyaéta cahaya
Nu ngahadirkeun harepan
Nu ngantebkeun rasa percaya diri
Nu ngajak ka béntang-béntang

Élmu pengetahuan, nyaéta konci
Nu muka pintu dunya
Nu ngabéréskeun masalah
Nu nyieun dunya jadi leuwih hadé

Élmu pengetahuan, nyaéta harta
Nu moal pernah leungit
Nu moal pernah musnah
Nu moal pernah ngarugikeun

12. Sajak Sunda 2 Bait

Sabubuhan Kijang

Karya Komar Soetisna

sabubuhan kijang
keur nyaratuan, sisi
talaga nu tingtrim
nyeblak haté
basa ngawengkang gondéwa
neuteup indungna
reumbay cimata

aya nu rangakgak
matana beureum, rancingas
moal boa nu jadi bapana
jamparing tan kendat lepas
ari ras ka kadar awak
sakieu
geus reauy budak

– kk awal ’71

13. Puisi Sajak Sunda

sajak sunda pendek

Sarébu Bulan

Karya Yus Rusyana

Dina hiji peuting urang jalan-jalan duaan
Katilu bulan
Dina hiji peuting urang jalan-jalan duaan
Sarébu bulan
Dina hiji peuting urang jalan-jalan nyorangan
Kadua bulan
Dina hiji peuting taya saurang nu jalan-jalan
Ngan kari bulan

14. Puisi Sunda Kahirupan

Béca

Karya Sayudi

Jalan netek
béca léngkahna ngeteyep
dina sela-sela napas kuda
dina sela-sela warna kota
beuratna muatan beuratna tanggungan
di tukang momot kamelang
di hareup muat kahayang
na beuteung bawana lapar

Kota S., 29-1-1960

15. Puisi Sunda Nasehat

Grand Prix

Karya Godi Suwarna

Nincak gas sataker kebek mobil sport ngagerung mangprung rék ngudag jorélat waktu da startna kapandeurian. “Ah, tangtu kasusud tapakna!” cék haté anjeun harita. Jalan lempeng jalan nanjak pungkal-péngkol kénca-katuhueun jungkrang. Sakiceup demi sakiceup tihang bulan tihang taun diliwatan. Ti saban-saban simpangan mobil deungeun milu nyemprung di sirkuit pada-pada teu hayang kapandeurian. “I can’t get no satisfaction” sora kasét gumuruh nyasaak langit ngendag-ngendag dungus mangsa. Gumuruh manglaksa mobil haseup knalpot ngeput jagat. Anjeun kudu nabrak deungeun tinimbang ditabrak batur. Nu nyakakak, nu jumerit mecut niat hayang gancang nyiap waktu nu can témbong kelemengna; “Boa sapéngkolan deui!” omong anjeun sabot setir guwar-giwar. “Boa di itu péngkolan!” cék nu séjén bari hantem silihsénggol. Dina hiji mangsa, anjog anjeun jeung nu séjén, méh bareng ka garis finish, persis di jero kuburan, tuluy nampa piala tetengger batu!

16. Sajak Sunda 3 Bait

Kis. Ws.

Paliwat Dina Karéta

karéta jakarta-surabaya
jeung surabaya-bandung
paliwat tengahing jalan
duanana tonggoy nyemprung

panumpang paboro-boro ngaralong
papaliwat papada numpakan kilat
semet silih rérét sajorélat

ieu diri bet asa reg cicing
nu maju tingbelesur
ukur batur!

Perjalanan, 22 Agustus ’76

17. Puisi Sunda tentang Kehidupan

Lengkah

Beurang-peuting paganti-ganti
datang ngurangan umur manusa
jeung sakur nu kemelendang di alam dunya
datang jeung indit teu nolih

Tangtukeun lengkah nu pasti
ngaguar pangarti
di poé nu silih ganti
sangkan hirup pasagi dunya lan ahir
nyanghareupan ka Robul ljati

Sumber: Buku Piwuruk Basa Sunda

***

Demikian kumpulan puisi Sunda.

Semoga bermanfaat, Property People.

Simak artikel lainnya di Berita.99.co dan Google News kami.

Cek juga rumah impian hanya di  www.99.co/id karena jual beli jadi #segampangitu.



Ilham Budhiman

Content Editor
Lulusan Sastra Daerah Unpad yang pernah berkarier sebagai wartawan sejak 2017 dengan fokus liputan properti, infrastruktur, hukum, logistik, dan transportasi. Saat ini, fokus sebagai penulis artikel di 99 Group.
Follow Me:

Related Posts