Berita KHUSUS Ragam

7 Contoh Pidato Perpisahan Kelas 6 Bahasa Sunda Singkat, Penuh Makna dan Mudah Dihafal!

4 menit

Contoh pidato perpisahan kelas 6 bahasa Sunda singkat. Bisa jadi referensi tugas sekolah dan agenda perpisahan SD.

Melansir berbagai sumber, pidato adalah penyampaian pesan dari seorang pembicara kepada para pendengarnya.

Pidato biasanya disampaikan dalam acara seminar, perpisahan sekolah kelas 6, 9, dan kegiatan lainnya.

Meski kerap disampaikan dan sering didengar, belum tentu semua orang bisa membuat pidato yang baik dan benar.

Misalnya ketika diminta untuk membuat pidato perpisahan kelas 6 memakai bahasa Sunda.

Melansir berbagai sumber, berikut contoh pidato perpisahan kelas 6 bahasa Sunda.

Contoh Pidato Perpisahan Kelas 6 Bahasa Sunda 

1. Pidato Perpisahan Bahasa Sunda Singkat

Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh.

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah Swt.. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.

Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad saw., teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Aamiin ya robbal alamin.

Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, bapa/ibu guru, sareng kepala sekolah. Abdi nyuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas 6.

Teu hilap sim kuring oge ngawakilan rerencangan pikeun ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal.

Asa kamari keneh abdi lebet ka sakola ieu. Ayeuna tos kedah paturay tineung deui. Simkuring sareng rerencangan bade neraskeun sakola ka nu langkung luhur, ngahontal cita-cita.

Seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di ieu sakola, simkuring neangan elmu. Elmu pangaweruh anu didugikeun ku Ibu sareng Bapa Guru mugia aya mangpaatna hususna kanggo abdi, umumna kanggo sadayana rerencangan.

Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama.

Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah Swt.. Aamiin.

Simkuring oge bade nyuhunkeun haputen kana sagala kalepatan abdi sareng rerencangan.

Mugi-mugi, Ibu sareng Bapa Guru tiasa ngahapunten kalepatan abdi sareng rerencangan.

Pamungkas, simkuring sareng rerencangan, neda pidu’ana singtiasa neraskeun ka sakola anu langkung luhur.

Rupina, sakitu bae cariosan ti simkuring. Mudah-mudahan aya mangpaatna kanggo urang sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten.

Nu mana kasalahan mah milik abdi, sareng kaleuwihan mah nga tiasa datang ti Allah Swt..

Wassalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

**Sumber: urbanjabar.com

2. Teks Pidato Bahasa Sunda Mudah Dihafal

teks pidato bahasa sunda mudah dihafal

Sumber: qdoc.tips

3. Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Perpisahan Pendek

Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh.

Asshaduallailahaillalah waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama ba’du.

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.

Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW.

Teu hilap ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.

Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas genep (6).

Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu.

Henteu hilap abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal.

Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama.

Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.

Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT.

Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb.

**Sumber: jagoberpidato.my.id

4. Contoh Pidato Perpisahan Bahasa Sunda Mudah Dihafal

Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh.

Asshaduallailahaillalah wa ashadu anna muhammadar rasulullah. Ama badu.

Langkung tipayun, hayu urang sasarengan manjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah SWT.

Kusabab dina dinten ieu urang sadayana, masih ditangtayungan, sareng tiasa nariung dina kaayaan sehat wal’afiat.

Shalawat sinareng salam, mugia tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadayana, Nabi Muhammad SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna, anu Insya Allah taat kana ajarannana, Aamiin.

Bapa Kapala Sakola, miwah Bapa sareng Ibu Guru, sareng para sepuh nu sumping ka dieu, rerencangan kelas genep, teu hilap oge murid kelas hiji dugi ka lima.

Hadirin sadayana anu ku simabdi dipihormat. Artinya Hadirin semua yang saya hormati.



Hapunteun sateuacana, abdi bade ngawakilan rerencangan maca sambutan, dina raraga acara perpisahan kelas genep.

Teu karaos, tos genep taun urang sadayana aya di dieu. Di sakola ite nu tos ngawuruk abdi sareng rerencangan sagala rupa elmu nu mangpaat.

Kumargi eta, tos dugi kana batas, ayeuna urang sadaya bakal papisah. Sakali deui, abdi ngawakilan rerencangan, ngahaturkeun rebu nuhun laksaketi kabingahan, kanggo Bapa sareng Ibu guru, anu tos iklhas sareng sabar ngadidik urang sarerea.

Mugia, sagala mangrupa elmu nu tos diajarkeun teh, mangfaat kanggo nusa, bangsa, sareng agama.

Sareng amal kasaean Bapa miwah Ibu Guru teh kenging walesan ti Gusti nu maha Esa, nyaeta Allah SWT. Amin.

Rupina, sakitu wae anu tiasa di haturkeun ti abdi sareng rerencangan, Kirang langkungna neda dihapunten pisan.

Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum Wr. Wb.

**Sumber: penuliscilik.com

5. Pidato Bahasa Sunda tentang Perpisahan Kelas 6 Pendek

pidato perpisahan bahasa sunda

Sumber: scribd.com

6. Biantara Sunda tentang Perpisahan

Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh.

Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring.

Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim kuring saparakanca. Tapi deuih janten dinten anu kalintang pikasediheun.

Bagja wiréh sim kuring saparakanca tiasa lulus, sedih da apan sim kuring saparakanca kedah ngantunkeun ieu sakola, ogé ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru.

Mungguh waktos asa teu karaos jolna sareng miangna. Dina sawangan téh asa kamari sim kuring lebet ka ieu sakola, diasuh ku sepuh. Teras milih-milih réréncangan, milih-milih kabetah, sareng ngalalanyahan mikawanoh guru-guru.

Ayeuna, asa sajorélat pisan, geus dugi deui ka ahir taun katilu. Teu karaos, tos tilu taun sim kuring saparakanca sakola di dieu, ayeuna kedah dikantunkeun.

Salami tilu taun sim kuring nyuprih élmu di dieu, seueur pisan pangalaman-pangalaman anu moal tiasa kahihilapkeun. Boh nu amisna boh nu paitna. Utamina pangalaman-pangalaman diajar sareng Ibu kalih Bapa Guru. Éta sadayana bakal teras nyantél dina panineungan, manjang hikmahna, gedé ajénna.

Atuh tangtos deuih, salami sim kuring diajar di ieu sakola, seueur pisan paripolah sim kuring saparakanca anu matak ngajaheutkeun manah Ibu sareng Bapa Guru. Dalah ku sim kuring saparakanca karaos pisan, ma’lum nuju kumincir. Namung karaos deuih kumaha welas asihna Ibu sareng Bapa ngasuh barudak balangor sapertos sim kuring.

Ku margi kitu, mugi Ibu sareng Bapa Guru luntur galih kersa ngahapunten sim kuring
saparakanca. Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring.

Teu hilap sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu’a, mugi-mugi sim kuring saparakanca sing teras kersa junun diajar, teras sumanget ngulik harti nyukcruk élmu dugi ka jucungna, ngarah naon anu dicita-citakeun ku sim kuring saparakanca kahontal sareng tinekanan.

Neda pidu’a supados sim kuring saparakanca ginulur rahayu, tug dugi ka tiasa mandiri ngokolakeun hirup sorangan.

Bapa, Ibu… Wilujeng kantun. Mugi kasaéan Ibu sareng Bapa dina ngadidik sim kuring saparakanca janten amal ibadah ka Alloh SWT. Da sim kuring saparakanca tinangtos moal tiasa males kana éta kasaéan. Mung badé neneda baé ka Gusti Nu Maha Suci, mugi naon-naon anu tos dipasihkeun ku Ibu sareng Bapa kalayan iklas ka sim kuring saparakanca, dipulang ku ganjaran anu manglipet-lipet ageungna.

Wilujeng kantun Ibu. Wilujeng kantun Bapa. Mung du’a anu ku sim kuring diteda sareng sihapunten anu kasuhun. Mugi Gusti nangtayungan.

Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb.

**Sumber: Serangnews.pikiran-rakyat.com

7. Contoh Pidato Perpisahan Bahasa Sunda Kelas 6 SD (Ujian Praktek)

pidato sunda tentang perpisahan

Sumber: makalahperencanaanpembelajaran.blogspot.com

***

Itulah beberapa contoh biantara Sunda untuk perpisahan kelas 6 SD.

Semoga bermanfaat, Property People.

Baca informasi menarik lainnya di Google News Berita 99.co Indonesia.

Sedang cari hunian terjangkau di Bekasi?

Mustika Park Place bisa jadi pilihan terbaik bagi kamu beserta keluarga.

Temukan rumah lainnya #SegampangItu hanya di www.99.co/id!

**Header: Shutterstock



Rulfhi Alimudin

Mengawali karier kepenulisan sebagai penulis lepas di beberapa media daring sejak 2016. Kini mencurahkan pikiran untuk menulis properti, gaya hidup, marketing, hingga teknologi di Berita 99 dan Rumah123.
Follow Me:

Related Posts